Ad Unit (Iklan) BIG

Dana Sumbangan Pendidikan

Posting Komentar




Ngaranna ogé dunya, loba carita anu kudu dicaritakeun, loba jejer anu kudu dipanjer, jeung mahabu ku rupaning pasualan. Hukum di dunya mémang kitu ayana, teu bisa dirempak ku jalma. Urang ngan saukur bisa ngaikhtiaran sangkan résiko atawa balahi anu bakal tumiba teu pati rongkah, rék dilantarankeun kalawan natural atawa sosial kusabab paripolah jalma.

Saminggu katukang umpamana, dunya atikan, sakola, jeung lembaga pendidikan anu sakuduna dipinuhan ku niléy rasional, arék anu aya hubungannana jeung angka, aksara, jeung tata basa, geus disualkeun deui ku kaum bapa jeung kaum ibu anu nyarakolakeun budak-budakna.

Sebut baé jejer anu dibasakeun ku sawaréh masyarakat modérn, sebutan keur ngalandih kaum bapa jeung kaum ibu, nyaéta DSP atawa Dana Sumbangan Pendidikan. Jejer ieu biasana dibasakeun sababaraha minggu sanggeus para siswa katarima di sakola tujuan kalawan ngaliwatan jalur PPDB.

Geus aya ti dituna mula, Dana Sumbangan Pendidikan dibralkeun di tiap sakola. Baheula mah sok disebut Uang Bangunan. Tug nepi ka kiwari, loba anu can ngarti, maksud kecap bangunan dina istilah Uang Bangunan téh naon? Bangunan anu mana? Bangunan naon? Da, geuning bangunan sakola mah diwangun jeung diadegkeunna ogé apan ku anggaran ti Pusat jeung Daerah. Sok komo kiwari mah aya anu disebut Dana Alokasi Khusus atawa DAK, anggaran keur ngawangun jeung ngarénovasi rohangan kelas.

Dina élmu komunikasi aya sebutan pseudo logica fantastica, nyaéta jalma ngagunakeun kekecapan séjén keur nutupan maksud anu sabenerna. Nya, kawas anu logis apanan, saolah ku ayanan Dana Sumbangan Pendidikan atawa DSP téa, sakola bakal ngawangun deui rohangan anyar ku duit para siswa.

Padahal, lembaga pendidikan formal, sok komo sakola negeri, geus meunang anggaran operasional ti pamaréntah, umpamana ku BOS réguler ti Pusat nepi ka Daerah, aya ogé BOS Kinerja jeung Afirmasi. Kurang alus kumaha deuih, pamaréntah ogé geus ngaluarkeun kawijakan KIS, KIP, jeung Kartu Cerdas keur barudak sakola anu kurang mampu?

Aya anu nanya ka kuring, émangna lamun aya kénéh DSP salah?

Keur ngajawab ieu pasualan, urang kudu ngagunakeun nalar anu séhat. Kahiji, sakola mémang teu ngaluarkeun kawijakan Dana Sumbangan Pendidikan ku alesan da sakola mémang teu meunang mundut anggaran ti para siswa. Kulantaran kitu, sakola biasana masrahkeun ka komite sakola jeung kolot-kolot pamilon atikan keur nangtukeun proses - téknis dina nangtukeun gedéna DSP anu kudu dikaluarkeun ku kolot.

Kadua, Dana Sumbangan Pembangunan atawa uang bangunan mangrupa kamufakatan atawa hasil konsénsus sakabéh warga sakola. Kusabab kitu, pihak sakola ogé teu meunang meungpeun carang atawa pura-pura teu nyaho kana ieu pasualan nalika dibéré panalék: leres di sakola bapa/ibu guru, para siswa kedah nawur DPS?

Katilu, kamufakatan hasil warga sakola bisa diropéa ku kamufakatan anyar. Anu jadi kolot barudak atawa siswa teu kudu éra jeung ngaheulakeun géngsi dina méré kamandang ka pihak sakola jeung komite nalika kurang satuju ku diayakeunna DSP anu waragadna rada badag. Aya anu disebut dispénsasi atawa ménta sangkan waragad DSP hasil kamufakatan dibayar ku waragad sakamampuhna.

Kaopat, ngaranna ogé sumbangan, pihartieunna milu berpartisipasi atawa ilubiung jeung pipilueun dina ngaronjatkeun sakola. Kolot barudak bisa ku cara séwang-séwangan dina ngaronjatkeun sakola, ilubiung berpartisipasi lain saukur ku finansial wungkul bisa ogé ku tanaga, pikiran, jeung moral-méntal.

Pasualan DSP atawa uang bangunan ogé bisa dicicil. Sakuduna lamun mah di hiji sakola aya panitia , umpamana pihak komite anu ngatur jeung ngokolakeun duit anu asup, kudu méré kawijakan ka kolot barudak ku cara dicicil, salila budak masih nyuprih pangarti di sakola.

Geus jadi kabiasaan, hal-hal anu aya patula-patalina jeung duit sok dipipidingan ku masalah anu ditimbulkeunna. Adu rényom jeung paloba-loba kamandang. Di sagigireun éta, urang ogé kudu ngaku kalawan jujur teu kudu dipipidingan ku sikep munafék, dina pasualan duit sok loba ogé kacaritakeun jalma-jalma anu milu nyair dina cai kiruh ku ngalap kauntungan keur kapentingan pribadi.

Hirup dina mangsa kiwari geus sakuduna ngaheulakeun sikep gedé kaéra jeung mindeng neuleuman diri jeung kudu bisa ngarampa kana kaayaan méntal jalma. Henteu sakabéh kolot barudak miboga kamampu keur ngaluarkeun duit dina waktu samporét. Sok komo ku niténan mangsa kiwari: pendidikan geus ditékel waragadna ku nagara, barudak mah kari soson-soson dina diajar henteu kudu milu riweuh mikiran: duh abdi teu acan lunas nawur artos bangunan.

Kementerian Pendidikan, Kebudayaan, Riset, dan Teknologi salila dua taun ieu geus meredih tiap sakola sangkan bisa nyurvéi dirina sorangan. Nganiléy sakola ku sistem anu disebut SLB (Survey Lingkungan Belajar). Hartina, antara anu dieusi ku pupuhu sakola, guru, jeung siswa kudu matching atawa “ngadu manis” jeung kanyataan anu lumangsung di sakola.

Sagemblengna geus tangtu bakal dilakonan ku saha baé, keur kamajuan pendidikan di Indonesia anu tiap taunna ngan aya baé sahandapeun nagara deungeun. Kabéh kudu sapamadegan, naon anu dilakonan éstu keur ngawujudkeun pendidikan berkualitas.

Cag…

Informasi Lainnya

Posting Komentar

Berlangganan