Ad Unit (Iklan) BIG

Adzan Nanang Qosim jeung Muammar

Posting Komentar


Adzan ku Muammar ZA, taun 80-an

Bulan puasa taun 80-an tangtu béda jeung jaman millennial kawas ayeuna, utamana dina nungguan waktu buka. Can mahabu TV jeung Radio FM harita mah, galura radio masih dina frékuénsi AM atawa MW.

Keur barudak, anu didago-dago ti jam lima sore nepi ka waktu buka nyaéta sora bedug jeung ngongna adzan dina radio. Galura radio ku anu jadi kolot sok nyetél Radio Fortuna atawa Airlangga dina frékuensi AM.

Manjing waktu buka lain sora sirene anu disada, tapi sora bedug ditakol, ngong baé anu adzan, sora mani halimpu. Kuring nanya kanu jadi kolot: Saha anu adzan dina radio téh, Pa?. Anu jadi kolot ngajawab: Nanang Qosim atawa Muammar ZA.

Pantes atuh dina taun 80-an, lamun aya jalma anu adzanna rada halimpu tur ngeunaheun sok disebut Nanang Qosim.

Sabenerna disetélna adzan Nanang Qosim jeung Muammar dina radio lain bulan puasa wungkul. Tiap manjing waktu magrib ogé geus pasti anu ngong adzan dina radio nyaéta dua Qori Nasional éta.

Sok sanajan ku kolot dihayoh-hayoh indit ka masigit, mugen ku alesan adzan can bérés, padahal bakating ku halimpu jeung ngeunah pisan baé sora muadzin: Nanang Qosim jeung Muammar.

Jaman milenial geus henteu kitu, saméméh ngong adzan arék dina radio atawa masigit geus pasti anu disadakeun nyaéta sora sirene (kawas aya perang). Dina radio jeung TV ogé langgam adzan geus lain nyirikeun deui langgam nasional kawas Nanang Qosim jeung Muammar. Ampir kabéh sora adzan midangkeun langgam Mekah.

Ngan ari di masigit lembur mah, ampir tiap masigit masih mertahankeun adzan kalawan langgam khas lembur, sok sanajan jauh pisan bédana antara adzan Nanang Qosim, Muammar, jeung adzan langgam Mekah dibantingkeun adzan urang lembur, tetep baé adzan modin masigit lembur miboga ciri khas.

Nalika Mang Ajang, salah saurang modin masigit Ath-thohiriyyah teu adzan, masarakat sok pada nanyakeun: Kamana téh, Mang Ajang teu adzan? Sono-na masarakat kana sora adzan langgam lembur tangtu sabanding jeung sono-na masarakat kana sora adzan Nanang Qosim jeung Muammar anu kungsi jadi Qori pinunjul dina taun 70-80an.

Informasi Lainnya

Posting Komentar

Berlangganan