Halalbihalal Lebaran
Lain jigana, da mémang di enyana, halalbihalal anu dilakonan tiap Lebaran ngan aya di ieu wewengkon atawa nagara urang. Ceuk pangalaman jalma-jalma anu kungsi ka nyaba malah anu mukim di mancanagara ngaromongkeun : nalika lebaran téh sok rus-ras inget baé ka lembur, teu manggingan tradisi halalbihalal ari lain dikokojoan ku bangsa urang-urang kénéh anu aya di mancanagara. Hartina nagara séjén teu ngabogaan tradisi halalbihalal .
Sababaraha carita ngébréhkeun, tradisi halalbihalal saréngsé lebaran mangrupa alpukah atawa produk KH. Wahab Hasbullah. Dijieunna tradisi halalbihalal mémang dilantarankeun ku kabiasaan masarakat di ieu wewengkon anu resep ngumpul ngariung jeung papada. Masarakat di ieu wewengkon mangrupa masarakat Gammeinschaft atawa paguyuban anu leuwih milih hirup sauyunan, kompak, sapamadegan, jeung akur.
Kabiasaan masarakat anu geus ngadarah daging atawa ngakar dina kahirupan ieu diaplikasikeun tuluy ngawujud jadi tradisi halalbihalal anu moal dipiboga ku bangsa deungeun. Kalawan étimologis, halalbihalal bisa dihartikeun ngahalahkeun halawan halal, lamun dihartikeun kalawan kontékstual nyaéta silih bébaskeun tina kasalahan, anu matak tradisi halalbihalal ieu idéntik jeung sasalaman (mushofahah) sabari nyarita: hampura kuring bisi aya kasalahan anu karasa atawa teu karasa.
Dina mangsa formatifna atawa mimiti ayana tradisi halalbihalal, KH. Wahab Chasbullah ngayakeun acara ngumpul ngariung anu dihadiran ku kaum élit atawa para inohong masarakat. Lila-lila ieu tradisi sumebar di masarakat, lain saukur dilakonan ku para inohong tapi geus ngalebur dilakonan oleh ku kabéh unsur masarakat dina tiap lebaran. Tug nepi ka ayeuna kaalaman ku urang pisan halalbihalal arék dilakonan ku kulawarga, masarakat, DKM, ikatan alumni sakola, nepi ka instansi pamaréntahan.
Geus pasti jeung sakuduna tradisi anu kawilang alus ieu dimumulé ku urang salaku jalma anu netep di ieu wewengkon. Tradisi anu dilantarankeun ku sikep sauyunan jeung rempug jukung mangrupa cara keur nyieuhkeun bancang pakéwuh nepi ka papaséan anu bisa ngaruntuhkeun kahirupan. Arék diaku atawa diangles kumaha baé ogé akar budaya bangsa urang téh lain nanaon tapi sikep duduluran jeung babarayaan. Anu matak sok jadi babasaan nalika aya dua jalma silih herengan ku anu jadi kolot-kolotna sok diomongan: “ Ulah kitu, bisi pajauh huma!”
Posting Komentar
Posting Komentar