Ad Unit (Iklan) BIG

Milangkala Kota ka-105 Kedah Janteun Eunteung










Pemberian penghargaan Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kota Sukabumi,

Kepada Walikota Sukabumi Achmad Fahmi, Senin (1/4).

 Dalam rapat paripurna  di ruang rapat gedung DPRD Kota Sukabumi.











SUKABUMI - Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kota Sukabumi ngagelar Rapat Paripurna milangkala Kota Sukabumi ka 105 Senen (1/4). Ngiring hadir dina acara eta, Walikota Sukabumi Achmad Fahmi sareng Wakil Walikota Sukabumi Andri Setiawan Hammi. 








Dina acara paripurna Tim paduan suara Gita Balaikota ngiring ngawarnaan suasana paripurna nyanggakeun lagu Sukabumi Melangkah Pasti, Manuk Dadali, dan Bagimu Negeri. DPRD Kota Sukabumi oge masihan penghargaan kanggo jalmi-jalmi anu tos masihan partisipasi ka DPRD. Dina dangeut eta oge di paparkeun sejarah Kota Sukabumi. 








Dina sambutanna, Fahmi ngadugikeun umur 105 taun minangka umur anu cukup panjang nu geus ngaliwatan sababaraha jaman, ti jaman kolonial, jaman pergerakan kamerdekaan, orde lama, orde baru, nepi ka jaman reformasi. Memang henteu salamina, panjangna umur, otomatis ngagambarkeun kamajuan hiji daerah. Aya hiji daerah nu umurna mang ratus-ratus taun kondisi daerahna sarwa ngaprihatinkeun. Sabalikna aya oge daerah nu umurna can pati Jana, kulantaran ngokolakeun daerah na hade tur merenah, daerah eta maju tur pinuh ku karahagaan. 





" Ku margi kitu, salian ti nembrakkeun rasa kabungah, ieu milangkala teh kedah janten eunteung ka urang sadaya, sarta jadi bahan evaluasi diri tina sagala daya upaya nu ku urang tos dilaksanakaeun kanggo kamajengan Kota Sukabumi. Dina umurna nu nincak ka 105 taun, sanaos tos seueur kamajengan sareng kenging prestasi dina sababaraha widang, namung sacara jujur simkuring ngaraos masih seueur kakiranganan dina nata jeung ngokolakeun Kota Sukabumi nu ku urang sami-sami dipikacinta," terangna.





Diteraskeun ku anjeunna, lumangsungna kahirupan kota anu maju, modern sareng pinunjul pasti bakal kapangaruhan ku sipat jeung sikap warga kotana anu mibanda sipat-sipat adiluhung. Dina perang kamerdekaan, sipat adiluhung anu dipikabutuh nyaeta kamampuan fisik, mental, sareng strategi pikeun ngalawan musuh. Dina mangsa kiwari medan perangna nyaeta mangrupa ilmu jeung tehnologi, komo deui zaman kiwari nu geus asup kana era tehnologi 4.0 nu salah sahijina ditandaan ku sarwa ngagunakeun aplikasi mobile internet dina kahirupan sapopoe. 





Konteks pamikiran ieu saestuna nu jadi kasang tukang disusunna Visi Kota Sukabumi salaku pusat pelayanan pinunjul dina widang atikan, kasehatan, sareng perdagangan di Jawa Barat anu dadasaran ku iman jeung taqwa. Ku ieu visi, Kota Sukabumi nandeskeun kana komitmen dirina pikeun terus berjuang sareng “tempur” dina lingkup nguasa ilmu pangaweruh jeung tehnologi kujalan ngokolakeun pelayanan atikan nu mibanda kualitas, babarengan jeung widang kasehatan katut perdagangan. Urang gaduh kayakinan ku jalan ngokolakeun kagiatan pelayanan widang atikan, kasehatan jeung perdagangan nu mibanda kualitas tangtuna bakal mampu ngawangun Kota Sukabumi anu maju, modern jeung pinunjul dina sagala sektor kahirupan. 





" Salajengna Sim Kuring sareng Pak Wakil Walikota ngagaduhan Visi Wali Kota/Wakil Wali Kota Masa Bakti 2018-2023 nyaeta: “Kalayan iman jeung taqwa, seja ngawujudkeun Kota Sukabumi nu relijius, nyaman tur sejahtera”, atanapi disingkgt Sukabumi Renyah. Alhamdulillah salami genep sasih kapamingpinan Sim kuring sareng Pa Wakil Wali Kota, parantos nampi rupirupi pangajén," paparna.





Rupi-rupi prestasi sareng pangjen nu tos kasangking boh dina jero kapamingpinan sim kuring, atanapi mangsa kapamingpinan walikota sateuacana, saenyana ngarupakeun hasil tina gawe rancage sadayana. Dina prosesna kadang kawijakan dikelir ku paketrok paham, beda kahayang. Urang ma’naan wae sakabeh proses ieu mangrupa proses kadewasaan demokrasi anu ayeuna keur tumbuh subur di nagara urang.

Kang Warsa
Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Informasi Lainnya

Belum ada informasi terkait topik ini.

Posting Komentar

Berlangganan